:

1 Babad 21

1

Setan rek nyilakakeun urang Israil, ngangsonan ka Daud sina ngayakeun cacah jiwa.

2

Daud nimbalan ka Yoab jeung opsir-opsir saurna, "Papay satanah Israil ti tungtung nepi ka tungtung, itung cacah jiwana, hayang nyaho sabaraha lobana."

3

Piunjuk Yoab, "Mugi urang Israil ku PANGERAN dijadikeun saratus kalieun ti ayeuna seueurna. Sadayana ge kagungan Sang Raja. Ku naon Sang Raja mundut anu matak jadi kalepatan sakumna bangsa?"

4

Tapi saur raja, teu meunang henteu Yoab kudu ngajalankeun timbalanana. Bral Yoab angkat ka sakuliah nagara Israil. Tuluy mulang ka Yerusalem,

5

ngahaturkeun cacah jiwa ka Raja Daud. Rahayat anu pantes keur angkatan perang, di Israil aya 1.100.000 urang, di Yuda aya 470.000 urang.

6

Kaom Lewi jeung kaom Binyamin ku Yoab henteu diitung, sabab anjeunna henteu resepeun kana pamundut rajana.

7

Perkara Daud midamel kitu henteu sapagodos jeung pangersa Allah. Nu matak Israil ku Mantenna ditibanan hukuman.

8

Daud unjukan ka Allah, "Kalakuan abdi teh hiji dosa kalintang ageungna. Mugi Gusti ngahapunten eta kalakuan abdi anu teu puguh."

9

PANGERAN nimbalan ka Gad, jurutingal Daud,

10

"Bejakeun ka Daud, Kami mere tilu rupa piliheun. Rek milih nu mana, ku Kami rek diturut."

11

Gad marek ka Daud ngunjukkeun timbalan PANGERAN. Tuluy miunjuk, "Hoyong anu mana?

12

Bade milih paceklik tilu taun? Bade milih kakaburan tilu sasih nyingkahan balad musuh? Atanapi bade milih diamuk ku pedang PANGERAN tilu dinten, nya eta ku sasalad anu ngaruksak ieu tanah, anu disebarkeun ku malaikat Mantenna ka sakuliah Israil dugi ka rahayat maraot? Mana anu ku abdi kedah diunjukkeun ka PANGERAN?"

13

Waler Daud ka Gad, "Kaula kacida bingungna! Tapi tinimbang cilaka ku pada jalma, kaula mending pasrah ka PANGERAN. Naon bae hukuman ti Mantenna kaula tarima, da Mantenna mah sipat welas."

14

Ti dinya PANGERAN narajangkeun sasalad ka urang Israil nepi ka aya 70.000 urang anu tiwas.

15

Geus kitu Mantenna miwarang hiji malaikat sina ngaruksak ka Yerusalem. Tapi manah-Na kabujeng welas, tuluy nimbalan ka eta malaikat, "Meugeus, cukup!" Reg malaikat teh ngajanteng palebah panggilingan bogana Arauna urang Yebus.

16

Breh eta malaikat teh katingalieun ku Daud keur nangtung di awang-awang, mesat pedang rek mimiti ngaruksak ka Yerusalem. Brek Daud jeung para pamingpin anu harita geus ngaranggo karung sarujud.

17

Daud tuluy sembahyang, "Nun Allah! Abdi anu lepatna, parantos marentah ngayakeun cacah jiwa. Rahayat mah naon lepatna? Nun Gusti PANGERAN, mangga hukumanana larapkeun ka jisim abdi sakulawarga, umat Gusti mah masing rahayu."

18

Malaikat PANGERAN nimbalan ka Gad, supaya Daud ngadegkeun hiji altar haturan PANGERAN di panggilingan bogana Arauna.

19

Sanggeus ku Gad diunjukkeun, prak Daud midamel sakumaha timbalan PANGERAN.

20

Ari Arauna jeung opat urang anakna harita keur ngagiling gandum di panggilinganana, ana breh arawaseun ka malaikat tea, anakna lalumpatan nyarumput.

21

Ari Arauna barang nenjo aya Raja Daud sumping buru-buru ninggalkeun panggilingan tuluy sujud ka Daud.

22

Saur Daud ka manehna, "Kami hayang meuli panggilingan maneh, rek diadegan altar haturan PANGERAN supaya sasalad eureun. Ku kami tangtu dibayar sahargana."

23

"Sumangga Gusti, candak bae," piunjuk Arauna. "Mangga pidamel kumaha pangersa. Sapi kurbankeuneun dina eta altar, ieu nyanggakeun sareng pasangan-pasanganana kangge suluhna, sareng ieu gandum kangge kurban candak bae sadayana."

24

Saur raja, "Ulah kitu, ku kami rek dibayar sakumaha pantesna. Rek ngurban ka PANGERAN teh hayang beunang meuli, embung beunang pamere."

25

Tuluy eta panggilingan teh ku anjeunna digaleuh genep ratus uang emas.

26

Geus kitu anjeunna ngadamel altar di dinya haturan PANGERAN, prak ngahaturkeun kurban beuleuman jeung kurban karapihan. Anjeunna sasambat ka PANGERAN sarta dimakbul, gur seuneu ti awang-awang ngaduruk kurban dina eta altar.

27

PANGERAN lajeng nimbalan sangkan malaikat tea nyarungkeun pedangna, seug malaikat teh nyarungkeun pedangna.

28

Daud geus waspaoseun yen panyambatna ditampi ku PANGERAN, tuluy nyanggakeun deui kurban dina eta altar di urut panggilingan Arauna.

29

Ari Kemah Tepangan PANGERAN beunang ngadamel Musa di tanah gurun tea jeung altarna paragi ngaduruk kurban, harita mah masih keneh di tempat ibadah di Gibon.

30

Tapi Daud teu wantuneun angkat ngurban ka ditu, sieuneun ku pedang malaikat PANGERAN tea.

Link: